Latihan US SD Bahasa Sunda
Cakraan (X) aksara A, B, C atawa D dihareupeun jawaban anu bener ! Wacana Kasenian Sisingaan Kasenian Sisingaan teh kasenian tradisional rahayat kabupaten Subang. Kaendahan ieu kasenian ketembong tina kompakna igel nu nanggungna. Gerakan gesit, gagah, jeung nembrakeun rasa gumbira. Upami dilenyepan, gerakan nu nanggung sisingaan the dijerona gumulung sababaraha rupa gerakan. Di antarana wae aya gerakan penca silat, ketuk tilu jeung jaipong. Ari pamirigna kendang gede, kempul, goong, tarompet, kecrak, jeung juru kawih. Kasenian Sisingaan sok dipake arak-arakan dina acara hitanan, panganten suna. Memeh disunatan ditumpakeun kana sisingaan, diarak ngurilingan lembur. Salian ti nu naranggungna, dina arak-arak mah diarigelan ku sakur marilu. Ngarigelna kasaksian nu ngarigel teh bari ngabodor. Baheula mah saderhana pisan, boh sisingaanana, boh gerak igelna, jeung sajabana. Ku kamotekaran para budaya Subang, nya ngajanggelek jadi Kasenian Sisingaan cara ayeuna. Di antarana wae...